Fan page

Rabu, 20 Oktober 2021

DEFINISI BIANTARA (BAHASA SUNDA)

 Pengertian dan Definisi Biantara

dalam Bahasa Sunda


BIANTARA

Biantara nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukur direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

Tujuan Biantara

-Informatif,Persuasif jeung Instruktif,Edukatif,Entertaint

Materi Biantara;1. Bubuka2. Eusi 3. Bahasan 4. Kacindekan

Metode Biantara;Metode Impromtu,Metode Ngapalkeun (memoriter),Metode Naskah (manuscrip),Metode ekstemporan

GUNA BIANTARA

- Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.

- Ngaronjatkeun ajen diri

- Ngarojong Leadership

- Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.

WANDA BIANTARA;Ceramah,Pamapag/sambutan,Pedaran/bahasan hiji pasualan,Natar (up grading),Laporan Kampanyeu/propaganda Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara Diajar dina organisasi Numuwuhkeun kawani tumanya Ngaregepkeun ceramah ilmiah Rea maca TAHAPAN BIANTARA

A. PERSIAPAN Nangtukeun tujuan jeung topik Ngawasa materi nu rek ditepikeun Mikanyaho audience Mikaweruh situasi jeung kondisi Nyiapkeun fisik jeung mental

B. TAHAP MIDANG Muka omongan Ngabiantarakeun eusi Nutup biantara


Contoh Biantara:

Biantara Kasehatan

Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.


Biantara kaagamaan

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Waalaikum salam Wr.Wb

0 komentar:

Posting Komentar

 
Free Host | new york lasik surgery | cpa website design